Aya hiji Kukupu Leutik, awakna camperenik. Sapasang jangjangna warna abu-abu gurat bulao. Jangjangna ngabogaan corak titik-titik warna konéng hérang, dipapaésan tutul-tutul warna hideung.
Alatan kaendahan jangjangna, Kukupu Leutik jadi songong. Manéhna resep ngabanggakeun diri sarta ngahina ka sato séjén. Sabada papanggih kalayan hiji kumbang hideung, Kukupu Leutik ngahina,
“Awak manéh goréng, hideung meles kawas areng!”
Sabada nempo hiji bangkong keur moyan di sisi leuwi, Kukupu Leutik ogé ngahina,
Sabada nempo hiji bangkong keur moyan di sisi leuwi, Kukupu Leutik ogé ngahina,
“Tonggong manéh geuleuh, sungut
manéh ogé rubak pisan!”
Hiji peuting, Kukupu Leutik nempo cahaya kucap-kiceup ngadeuketan ka manéhna. Cahaya éta hurung ti awak sahiji sato anu leutik. Geuning, sato éta téh cika-cika. Diteteupna éta cika-cika baning ku kagum.
“Estuning éndah sato éta. Manéhna miboga cahaya caang di awakna.”
Kukupu Leutik hayang ngabogaan cahya kawas cika-cika. Manéhna hayang awakna jadi leuwih ku cahaya éta. Kukupu Leutik tuluy nanya, “cika-cika, ti mana manéh meunangkeun cahaya éta? Kuring hayang pisan ngabogaanana, ambéh kuring bisa ulin tipeuting.”
“Kuring saprak borojol geus kieu,” cika-cika ngécéskeun.
“Tapi, sakanyaho kuring, aya barang séjén anu ogé sok ngaluarkeun cahaya, nyaéta seuneu.”
“Di mana seuneu éta aya?”
“Di imah manusa tipeuting.”
Kukupu Leutik pohara atoh ngadéngé guaran cika-cika. Geura-giru manéhna hiber nuju ka imah manusa. Kukupu Leutik junun asup ngaliwatan celah angin di luhur jandéla.
Kukupu Leutik langsung kagum sabada nempo seuneu murub sanajan anu ngagunakeun minyak. Seuneu éta ngaluarkeun cahaya anu nyaangan sakumna rohangan.
Kalayan pinuh sumanget, Kukupu Leutik ngadeukeutan pelita éta sarta nyamber seuneuna. Manéhna hayang nyokot saeutik seuneu pikeun ditempelkeun dina awakna. Ngan hanjakal, seuneu éta kalahka ngabeuleum jangjangna.
“Awww!” Kukupu Leutik hiber ngajauh bari ceuceuleuweungan nyerieun.
Jangjangna anu éndah kabeuleum. Kukupu Leutik hanjakal alatan teu sugema dina kaéndahan anu geus dipibogana. Kiwari manéhna teu bisa nganyombongkeun diri deui.
No comments:
Post a Comment